Sony Xperia T2 Ultra - Bewara

background image

Bewara

Bewara mere nyaho ka Anjeun ihwal kajadian sapertos bewara talatah anyar jeung

almenak oge kagiatan nu keur lumangsung sapertos ngundeur payil. Bewara

nembongan di bagean ieu:

Bar status

Panel bewara

Layar konci

Muka atawa nutup panel Bewara

1

Muka panel Bewara, sered bar status ka handap.

2

Nutup panel Bewara, sered panel ka luhur.

Jang manglaku kana bewara dina Panel bewara

Ketok bewara.

Miceun bewara ti panel Bewara

Simpen ramo di bewara terus toel ka kenca atawa katuhu.

Jang ngagedean bewara dina Panel bewara

Sered bewara ka handap.

Teu kabeh bewara bisa digedean.

Mupus sadaya bewara ti panel Bewara

Ketok

.

Jang manglaku kana bewara ti layar konci

Ketok bewara na dua kali.

Jang ngaleungitkeun bewara ti layar konci

Simpen ramo dina bewara terus sintreuk ka kenca atawa katuhu.

Jang ngagedean bewara dina layar konci

Sered bewara ka handap.

Teu kabeh bewara bisa digedean.

Ngatur bewara di layar konci

Anjeun bisa nyetel alat Anjeun jadi ngan bewara nu dipilih nu bakal dipintonkeun dina

layar konci Anjeun. Anjeun bisa nyieun kabeh bewara jeung eusina bisa diakses,

23

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

nyumputkeun eusi nu penting jang kabeh bewara atawa aplikasi husus, atawa milih jang

teu nembongkeun bewara naon wae.

Pikeun milih bewara jang dipintonkeun dina layar konci

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Sora & bewara > Upami alat dikonci.

3

Pilih hiji pilihan.

Pilihan pintonan bewara di layar konci

Pinton kabeh eusi

bewara

Kabeh bewara aktip di layar konci. Lamun Anjeun ngahurungkeun setelan ieu,

kudu inget yen kabeh eusi (kaasup eusi surelek jeung obrolan nu datang) bakal

katingali dina layar konci Anjeun iwal Anjeun nandaan aplikasi na kaasup

Sensitip

di menu setelan

Bewara aplikasi.

Sumputkeun eusi

bewara nu sensitip

Anjeun kudu nyetel PIN, kecap akses, atawa pola jang konci layar Anjeun supados

setelan ieu sadia.

Eusi disumputkeun dipintonkeun dina layar konci lamun datang

bewara penting. Contona, Anjeun bakal meunang bewara tina surelek atawa

obrolan, tapi eusina moal katingali dina layar konci Anjeun.

Ulah pinton bewara ieu

pisan

Anjeun moal meunang bewara naon wae di layar konci.

Nyeting tingkat bewara jang aplikasi

Anjeun bisa nyetel sipat bewara nu beda-beda jang aplikasi sewang-sewangan.

Contona, Anjeun bisa ngablokir kabeh bewara surelek, mrioritaskeun bewara

Facebook™ tur ngeset supados eusi bewara talatah teu katingali dina layar konci.

Jang nyetel tingkat bewara jang aplikasi

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Sora & bewara > Bewara aplikasi.

3

Pilih aplikasi nu ku Anjeun hoyong dirobah setelan bewarana.

4

Sered geseran nu cocog ka katuhu.

Tingkat bewara jeung pilihan jang aplikasi husus

Blokir

Ulah pintonkeun bewara jang aplikasi nu dipilih.

Prioritas Bewara tingkat prioritas nembongan dina layar konci luhureun bewara sejenna.

Sensitip Pilihan ieu ngan sadia lamun Anjeun nyetel PIN, kecap akses atawa pola jang konci layar Anjeun tur

milih

Pinton kabeh eusi bewara dina setelan Upami alat dikonci. Bewara jang aplikasi bakal

nembongan dina layar konci Anjeun tapi eusina moal katingali.

Lampu bewara

Lampu bewara ngabejaan Anjeun ngenaan status batre jeung kajadian sejenna.

Contona, lampu bodas nu kedip-kedip hartina aya talatah anyar atawa telepon lasut.

Lampu bewara diaktipkeun tianggalna tapi bisa dinonaktipkeun ku cara manual.

Lamun lampu bewara dinonaktipkeun, lampu eta ngan bakal hurung lamun aya panggeuing

status batre, contona, lamun tingkat batre dihandapeun 15 persen.

Jang ngaaktipkeun lampu bewara

1

Tina Layar utama Anjeun, ketok .

2

Teangan terus ketok

Setelan > Sora & bewara .

3

Sered geseran di gigireun

Lampu bewara ka katuhu.

24

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.