Sony Xperia T2 Ultra - Langlangan aplikasi

background image

Langlangan aplikasi

Paké aplikasi Alarm & jam pikeun nyetél sagala rupa alarm.

Paké pangotéktak wéb pikeun nganapigasi tur nempo kaca wéb, ngatur

téténggér, téks sareng gambar.

Paké aplikasi Kalkulator pikeun ngalakonan itungan dasar.

Paké aplikasi Almenak pikeun ngalacak kajadian tur ngatur pasini anjeun.

Paké kaméra pikeun moto sareng ngarékam klip vidéo.

Paké aplikasi Kontak pikeun ngatur nomer telepon, alamat surélék tur inpo

séjénna nu berhubungan ka kontak Anjeun.

Aksés aplikasi, dokumén jeung gambar nu tos diundeur ku anjeun.

Paké aplikasi Surélék pikeun ngirim tur nampa surélék ti akun pribadi sareng

perusahaan.

Paké aplikasi Facebook™ pikeun ngiringan dina jejaring sosial sareng babaturan,

anggota kulawarga sareng koléga di sakuriling dunya.

Kotéktak tur déngékeun stasiun radio FM.

Paké aplikasi Albeum pikeun nempo jeung ngolah poto sareng vidéo Anjeun.

Paké aplikasi Gmail™ pikeun maca, nyerat tur ngatur talatah surélék.

Téang inpo dina alat Anjeun sareng di wéb.

Tempo lokasi Anjeun ayeuna, panggihan lokasi nu séjén tur étang rute nganggo

Google Maps™.

Paké aplikasi Play Store™ pikeun ngundeur aplikasi haratis atawa mayar kanggo

alat anjeun.

Paké aplikasi Talatah pikeun ngirim tur nampa talatah téks sareng multimédia.

Paké aplikasi Vidéo pikeun muterkeun vidéo dina alat anjeun, tur ngabagikeun

eusi sareng babaturan anjeun.

Paké aplikasi Musik pikeun ngatur tur muter musik, buku audio sareng podcast.

Ningali wartos berita ti Socialife.

Telepon ku cara muter nomer sacara manual atawa ku cara maké pungsi pencét

pinter.

Optimalkeun setélan alat pikeun nyocogkeun ka persaratan anjeun sorangan.

Paké aplikasi Hangouts™ pikeun ngomong sareng babaturan sacara online.

Idéntipikasi lagu musik anu nuju diputer di lingkungan anjeun, tur meunangkeun

inpo artis, albeum sareng inpo nu séjénna.

Paké YouTube™ keur ngabagikeun tur nempo vidéo ti saluruh dunya.

Paké aplikasi cadangan atawa malikkeun jang nyadangkeun atawa malikkeun

eusi dina alat anjeun, sapertos kontak, talatah téks, téténggér, data almenak,

jeung sajabana.

Paké aplikasi Smart Connect™ pikeun nyetél naon waé nu kajadian ka alat

anjeun basa anjeun keur nyambungkeun atawa megatkeun hiji aksésoris.

27

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Paké aplikasi Rojongan pikeun ngaksés rojongan di alat anjeun. Contona, anjeun

tiasa ngaksés Buku pituduh, inpo cara ngungkulan, tambah kiat sareng trik.

Sababaraha aplikasi teu dirojong atawa ka daptar ku sadaya jaringan sareng/atawa pangladén

di sadaya wewengkon.

28

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.