Sony Xperia T2 Ultra - Setelan kamera umum

background image

Setelan kamera umum

Langlangan setelan modeu nyandak gambar

Otomatis superior

Optimalkeun setelan sangkan cocog ka pamandangan naon wae.

Manual

Atur setelan kamera sacara manual.

Background defocus

Rumeukkeun latar tukang poto Anjeun supaya subjek poto Anjeun katempona leuwih seukeut.

Epék AR

Candak poto atawa video ku pamandangan jeung karakter virtual.

Epek Gambar

Terapkeun epek ka poto atawa video.

Timeshift burst

Teang poto nu panghadena di antawis urutan gambar.

Panorama Sapu

Cokot poto nu juruna lega jeung panorama.

Toel ulang potret

Moto make gaya potret nu-ayeuna.

Superior auto

Modeu superior auto mariksa kaayaan pas Anjeun moto jeung otomatis ngatur setelan

jang mastikeun poto Anjeun alus.

Modeu manual

Pake modeu Manual upami Anjeun hoyong ngatur setelan kamera sacara manual jang

nyandak poto atawa video.

Modeu latar tukang teu pokus

Pake efek latar tukang rumeuk dina kamera Anjeun supaya subjek poto Anjeun leuwih

seukeut jeung jelas dibandingkeun jeung latar tukang na. Dina Modeu latar tukang teu

fokus, kamera moto dua gambar, ngaidentipikasi latar tukang terus dirumeukkeun tapi

tetep ngajaga gambar subjek seukeut jeung jelas. Sapertos moto ku kamera SLR digital.

Anjeun bisa milih tina tilu pariasi rumeuk jeung ngatur lepel rumeukna dina layar tilik.

Epek AR

Anjeun tiasa nambahkeun epek AR (augmented reality) ka poto atawa video Anjeun tur

nyieun poto atawa video eta jadi leuwih rame. Basa make kamera, setelan iey ngidinan

Anjeun ngagabungkeun pamandangan 3D ka poto atawa video Anjeun. Anjeun ngan

milih pamandangan nu dipikahoyong tur nyaluyukeun posisina di jandela tempo heula.

Epek gambar

Anjeun bisa nerapkeun epek nu beda-beda kana poto Anjeun. Contona, Anjeun bisa

nambahkeun epek Nostalgia supaya poto jadi jiga heubeul atawa epek Sketsa supaya

gambarna jadi leuwih alus.

86

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Timeshift burst

Kamera nyandak urutan 61 poto di jandela salami dua detik – hiji detik pertama

samemeh tur saatos Anjeun mencet kenop kamera. Jadi Anjeun tiasa malikan tur

manggihan gambar nu sempurna.

Pikeun make Timeshift burst

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , teras pilih .

3

Pikeun nyandak poto, pencet kenop kamera sajero-jerona teras leupaskeun. Poto

nu dicandak bakal nembongan di panempoan gambar leutik.

4

Gulung dina gambar leutik tur pilih poto nu Anjeun hoyong simpen, teras ketok .

Sweep Panorama

Anjeun tiasa nyandak poto sudut lebar sareng poto panorama ti arah horisontal atawa

vertikal ku cara gerakan pencet-tur-sapu nu gampang.

Pikeun nyandak poto panoramik

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , teras pilih .

3

Pikeun milih arah pamotretan, ketok

.

4

Pencet kenop kamera tur pindahkeun kamera lalaunan tur ajeg ka arah gerakan

nu dituduhkeun di layar.

Ngedit potret

Anjeun bisa make pitur Ngedit potret jang mere epek kana poto potret nu ku Anjeun

eukeur dipoto, jadi yakin hasilna bakal alus. Anjeun bisa oge make setelan

Nyorot sihir

nyaangan jeung ngalemesan kulit subjek poto bari nambahkeun pola spot caang dina

mata.

Make Pitur ngedit potret

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , terus ketok .

3

Jang mintonkeun pamilih gaya, gesek na layar ka luhur, terus pilih gaya potret jang

poto Anjeun.

4

Jang nyumputkrun pamilih gaya, ketok layar atawa gesek ka handap.

5

Jang mintonkeun pamilihan pigura, gesek ka kenca, terus pilih pigura hiasanna.

6

Jang nyumputkrun pamilih pigura, ketok layar kamera atawa gesek ka katuhu.

Make pitur Magic beam

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , terus ketok .

3

Jang ngaktipkeun pitur Magic beam, ketok , terus sered geseran di sisi

Nyorot

sihir ka katuhu.

4

Jang nerapkeun epek spot caang di jero mata, pilih pola nu geus diatur.

Ngundeur aplikasi kamera

Anjeun tiasa ngundeur aplikasi kamera haratis atawa nu mayar ti Google Play™ atawa

sumber sejenna. Samemeh Anjeun mimiti ngunder ti, pastikeun sambungan Internet

Anjeun jalan, langkung sae ti Wi-Fi® kanggo ngawatesan beaya patalimarga data.

Pikeun ngundeur aplikasi kamera

1

Buka aplikasi kamera.

2

Ketok , teras ketok

TIASA DIUNDEUR.

3

Pilih aplikasi nu Anjeun hayang undeur, teras turutan parentah pikeun nyalsekeun

pamasangan.

87

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Buka rusuh

Gunakeun setelan buka rusuh jang muka kamera lamun layar dikonci.

Ngan ngajalankeun

Lamun setelan ieu diaktipkeun, Anjeun bisa muka kamera mun layar dikonci ku cara mencet jeung nahan

kenop kamera.

Jalankeun tur potret

Lamun setelan ieu diaktipkeun, Anjeun bisa muka kamera jeung motret otomatis mun layar dikonci ku cara

mencet jeung nahan kenop kamera.

Jalankeun sareng rekam video

Lamun setelan ieu diaktipkeun, Anjeun bisa muka kamera jeung mulai nyokot video mun layar dikonci ku cara

mencet jeung nahan kenop kamera.

Pareum

Geotag

Tag poto sareng wincik tempat anjeun nyandak poto eta.

Nyandak gambar ku noel

Nangtukeun area pokus, terus toel layar kamera make ramo Anjeun. Poto dicandak

langsung saatos Anjeun ngaleupaskeun ramo Anjeun.

Sora

Pilih pikeun ngaktipkeun atawa mareuman sora jepret.

Panyimpenan data

Anjeun tiasa milih pikeun nyimpen data Anjeun ka kartu SD nu tiasa dicabut atawa ka

panyimpenan internal alat Anjeun.

Panyimpenan internal

Poto atawa video disimpen ka memori alat Anjeun.

Kartu SD

Poto atawa video disimpen ka kartu SD.

Imbangan bodas

Setelan ieu, oge sadia di

Manual modeu motret, ngaluyukeun kasaimbangan warna

nurutkeun kondisi pencahyaan. Ieu oge ngidinan Anjeun jang ngaluyukeun eksposur

sacara manual dina wewengkon -2.0 EV nepi ka +2.0 EV. Contona, Anjeun bisa

ningkatkeun kacaangan gambar atawa nurunkeun eksposur ku cara ngetok kadali plus

atawa minus luyu jeung kahayang lamun ikon setelan imbangan bodas dipintonkeun.

Otomatis

Saluyukeun kasaimbangan warna sacara otomatis pikeun nyocogkeun ka kondisi pencahyaan.

Pijer

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi pencahyaan nu haneut, saperti di handapeun bohlam.

Caang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo pencahyaan fluoresensi.

Beurang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi di luar ruangan nu cerah.

Mendung

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo langit nu berawan.

88

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.