Sony Xperia T2 Ultra - Néang alat nu leungit

background image

Néang alat nu leungit

Lamun anjeun boga akun Google™, ladén wéb “Tangtayungan ku my Xperia” bisa

mantuan anjeun manggihan jeung ngamankeun alat anjeun lamun alat na leungit. Lamun

anjeun atos ngaaktipkeun ladénan ieu dina alat anjeun, anjeun tiasa:

Manggihan alat anjeun dina peta.

Ngahurungkeun tanda sora sanajan alat aya dina modeu Tong diganggu.

Ngoncian alat ti jauh jeung ngajieun alat némbongkeun wincik kontak anjeun ka sasaha

nu mendakan alatna.

Mupus mémori internal jeung éksternal alat anjeun ti jarak jauh, sabagé jalan terahir.

Ladénan “Tangtayungan ku my Xperia” bisa waé teu sadia di kabéh nagara/kawasan.

Cara ngaktipkeun ladénan Tangtayungan ku my Xperia dina alat anjeun

1

Pastikeun anjeun boga konéksi data aktip.

2

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Kaamanan > Ditangtayungan ku my Xperia >

Aktipkeun.

4

Tandaan kotak céntang keur nyatujuan syarat jeung katangtuan maké ladénan

Tangtayungan my Xperia, terus ketok

Tampa.

5

Upami ditaros, asup kana akun Google™ anjeun, atawa jieun akun anyar lamun

anjeun teu boga.

6

Aktipkeun ladén lokasi dina alat anjeun lamun pungsi ieu acan diaktipkeun.

Jang mariksa yén ladénan Tangtayungan ku my Xperia bisa manggih alat anjeun saenggeus

anjeun ngaaktipkeun ladénan ieu, buka

myxperia.sonymobile.com

terus asup maké akun

Google™ nu tos disét dina alat anjeun.